naha eunya
cinta anu kalangsu
teuing kamana
sono laut jeung ombakna
teuing di mana
ngancikna
naha eunya cinta anu katalangsara
teuing kamana inditna
teu beja teu carita
sabab
langit
teu kungsi leungiteun
naha eunya cinta diuudag
lamun eunteup dina regang
hate anjeun.
Bandung, 02 Desember 2008
Dinukil dina buku kumpulan sajak Sunda; "Surat ti Bali" karya Didin Tulus
Puisi Karya: Didin Tulus
Kategori Puisi: Puisi Untuk Guru, Puisi Kenangan
cinta anu kalangsu
teuing kamana
sono laut jeung ombakna
teuing di mana
ngancikna
naha eunya cinta anu katalangsara
teuing kamana inditna
teu beja teu carita
sabab
langit
teu kungsi leungiteun
naha eunya cinta diuudag
lamun eunteup dina regang
hate anjeun.
Bandung, 02 Desember 2008
Dinukil dina buku kumpulan sajak Sunda; "Surat ti Bali" karya Didin Tulus
Puisi Karya: Didin Tulus
Kategori Puisi: Puisi Untuk Guru, Puisi Kenangan